Pages

Annyeong Haseyo ^ ^

Kamis, 05 April 2012

Conto Dongeng Fabel Sunda "Gagak Hayang Jadi Merak"


Jaman baheula, baheula gé baheula pisan. Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara.
Éta tangkal téh kacida gedéna. Perenahna ngaréndéng di sisi sampalan. Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan. Éta kiara sok dipaké panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, ari anu hiji deui panonoban bangsa merak.
     Kacaritakeun di antara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu keur meujeuhna belekesenteng. Ngaranna Si Candrika. Sanajan umurna ngora kénéh, Si Candrika mah loba onjoyna. Awakna leuwih kuat jeung keker, uteukna ogé leuwih pinter deuih. Sakabéh gagak di éta leuweung geus boga sangka yén dina hiji mangsa Si Candrika téh bakal jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu umurna geus kacida kolotna. Anu matak Si Candrika padangajénan, padangalem jeung ngadama-dama.
     Tapi dina hiji mangsa mah aya nu anéh, Si Candrika téh béda ti sasari. Anu tadina lincah luluncatan dina kiara, ayeuna mah jadi cicingeun. Anu tadina hégar ngelak, malah sorana ogé sok pangtarikna, ayeuna mah tara kadéngé sorana. Ngabetem siga nu keur puasa nyarita. Gawéna ngan ukur cindeten, mencilkeun manéh di nu buni. Kabéh bangsa gagak ngarasa héran. Ku naon atuh Si Candrika téh? Hiji ogé taya nu nyahoeun sabab-musababna. Ari sababna Si Candrika teu daék betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu téh anggur ngabetem.
     “Keun baé antepkeun ulah diganggu, meureun keur mangsana mangkat birahi!” ceuk kokolot gagak.
     “Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén. “Anu keur mangkat birahi mah, biasana sok leuwih motah!”
     “Sing inget, Si Candrika mah lain gagak biasa, tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa atuh!”
     Kokolot gagak nétélakeun, yén anu boga kaleuwihan mah, biasana sok loba kaanéhanana.
Gagak-gagak séjén ngahaminan.
     “Enya ari kitu téa mah,” cenah.
     Antukna mah Si Candrika padangantep.
     “Keun, engké ogé cageur sorangan!” ceuk kokolot gagak, yakin pisan.
     Padangantep téh Si Candrika taya robahna, kalah beuki resep nyorangan. Lamun keur cinutrun dina dahan anu suni, gawéna ngan nyérangkeun bangsa merak. Komo mun isuk-isuk atawa pasosoré mah, dina mangsana bangsa manuk midang. Panonna terus melong ka merak jalu anu keur mébérkeun buntutna.
     “Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi gagak. Bulu éndah, patinggurilap mun katojo panonpoé. Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacér pamatuk gedé, meni teu mararatut!”
ceuk Si Candrika dina jero haténa. “Naha atuh aing téh bet jadi gagak? Naha atuh henteu jadi merak baé?”
     Tétéla Si Candrika téh hayang jadi merak. Geus lila manéhna teu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasana mah manuk goréng patut, manuk panggoréng-goréngna saalam dunya. Manuk pangsial-sialna salam dunya. Tong boroning bangsa manuk deui, malah bangsa manusa ogé loba anu teu resepeun. Éta wé basa manéhna teu ngahaja ngaliwat ka lembur, jelema-jelema patingjorowok, “Ka ditu sing jauh, ka Sabrang ka Palémbang!” Malah aya anu ditungtungan ku, “Balikna mawa kurupuuuk!” Nyel wé aya rasa keuheul, aya rasa ambek ka bangsana sorangan. “Aing kudu jadi merak!” ceuk pikir Si Candrika.
     Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan Si Candrika, anu mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoé. Lamun keur nyorangan, manéhna sok nurutan paripolah merak. Leumpang rada diaced-aced, terus mébérkeun buntutna. Buntutna kalah ka rancung teu puguh. “Leuh, lamun seug aing jadi merak!” Beuki ambek baé ka dirina, antukna ambék ka Déwata, anu nakdirkeun manéhna jadi bangsa gagak. “Naha atuh aing téh bet kudu jadi gagak? Déwata henteu adil, henteu adil!” ceuk Si Candrika.
     Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna: hayang jadi merak.Barang ngaliwat ka hiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru di sisi walungan. “Lakadalah, itu geuning aya baju merak!” Ku manéhna dideukeutan. “Ka mana anu bogana, nya?” Si Candrika ngomong sorangan. Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru baé baju merak téh disamber, dibawa hiber ka nu jauh ti dinya. Niatna rék dipaké ku manéhna. Haténa kacida bungahna Clé dina tangkal anu suni. Rap baju merak téh dipaké. Tétéla logor teuing. Waktu dicobaan dipaké hiber téh, kokoplokan.“Kawasna mah kudu dirapet!” Ceuk pamikirna, lamun éta baju dirapet, tangtu bakal pageuh napelna. Manéhna bakal laksana jadi merak.
     Henteu talangké, manéhna ngala leugeut teureup. Éta leugeut diulas-olés kana awakna,
tuluy diulas-ales kana baju merak téa. Rap baju merak dipaké deui. Pel baé napel rapet pisan. Dicobaan dipaké hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngeunaheun ti batan tadi.
     “Laksana ayeuna aing jadi merak!” ceuk Si Candrika, paromanna marahmay. Clé kana dahan pangluhurna. Terus ngahuleng mikiran lampah saterusna. Keur kitu torojol aya gagak, clé hareupeunana. Tétéla Si Culindra, batur ulinna ti leuleutik. Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika.
     “Keur naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?” ceuk Si Culindra nanya ka nu keur cinutrun.
     Ngadéngé omongan Si Culindra kitu, Si Candrika ngomong dina jero haténa,
     “Si Culindra teu apaleun ka aing, padahal batur ulin aing ti leuleutik. Nyebutna ogé Sakadang Merak. Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!”
Ana pok téh Si Candrika ngomong,
    “Tunya-tanya teuing atuh!”
    “Pilakadar nanya, wajar wé da urang téh tatangga,” témbal Si Culindra.
    “Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak,” témbal Si Candrika teugeug. Si Candrika neruskeun caritaanana, “Sing ngarumasakeun manéh wé atuh, boga rupa goréng patut, bulu hideung lestreng teu béda ti areng! Béda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurung-hérang éndah!” Ngomong kituna téh bari ucad-aced.
     “Na andika téh sombong-sombong teuing!” témbal Si Culindra, haténa nyeri dihina kitu.
     “Ari geus, da kitu buktina atuh!” ceuk Si Candrika teugeug.
     “Ngahina ka sasama mahluk!”
     “Da bangsa andika mah mémang hinaeun!”
     Si Culindra teu ngomong deui, geleber baé hiber ninggalkeun Si Candrika, anu ayeuna mah geus maké baju merak.
    Si Candrika kacida bungahna. Ceuk pikirna, “Enya, ayeuna mah, aing téh geus jadi merak.” Buktina Si Culindra ogé, batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun. Malah nyebutna ogé Sakadang Merak!“Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!” Si Candrika igel-igelan dina dahan. Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoé.
     Pasosoré, wanci bangsa manuk baralik. Balik ka panonobanana masing-masing, Si Candrika ogé balik. Ngan ayeuna mah balikna béda. Balikna kana tangkal kiara panonoban merak. Lain kana kiara panonoban gagak, anu perenahna pahareup-hareup. Si Candrika eunteup di dinya, ngahiji merak-merak séjén. Mimitina mah euweuh anu ngaharu-biru, da mémang mun diténjo saliwat mah, Si Candrika téh méh taya bédana jeung merak séjén. Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna, sarua baé jeung merak jalu lianna.
     Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, adu manis mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Hiji-hiji merak jalu ngibing,
buntutna patinggurilap éndah, katojo panonpoé nu geus tunggang gunung. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah mah aya leuwihna. Manéhna hayang némbongkeun kabungahna, pédah ayeuna geus jadi merak. Bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid, pédah buluna henteu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
     Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika, disérangkeun ku kokolot merak di dinya.
Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika. Pokna, “Ké heula, Lur, ari andika téh merak ti mana?”
     Si Candrika kacida reuwasna, “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Si Candrika gugup.
     “Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung, kuring kakara nénjo merak kawas andika. Suku pacér, pamatuk konéng, sora serak, henteu jauh bédana ti bangsa gagak.”
     “Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu téh!”
     “Lain, andika mah lain bangsa merak! Salila kuring nyunyuhun kuncung, can kabéjakeun di dieu aya merak Indo!”
     Si Candrika keukeuh ngaku yén manéhna merak. Keur kitu, rob atuh merak-merak sejenna daratang, kabéh ngaronom ka Si Candrika.
     “Andika mah lain bangsa merak, sigana mah bangsa gagak anu maké baju merak!”
ceuk kokolot merak.
     “Rék ngacowkeun bangsa merak éta mah!” ceuk merak séjén, sorana teugeug.
     “Laan bajuna! Usir! Usir!” paramerak raong, tuluy ngepung Si Candrika.
     Si Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna. Si Candrika nurut, bajuna rék diporosotkeun. Tapi hésé, lantaran geus rapet pisan jeung awakna. Kawantu dirapet ku leugeut teureup kacida lobana. Baju Si Candrika padametot ku paramerak. Tapi angger henteu bisa lesot, malah henteu ungger-ungger acan. Kalah buluna baé anu caroplok téh.
     Lantaran tanagana leuwih bedas, Si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak. Geleber hiber, kalayang kakalangan sakeudeung, clé baé dina kiara panonoban gagak.
     “Aya merak, euy!” ceuk hiji gagak. Gebeg Si Candrika ngagebek, pok ngomong,
     “Kuring lain merak, kuring Si Candrika, batur andika, bangsa gagak kénéh!”
     “Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!”
     Keur kitu, torojol kokolot gagak,
     “Rék naon andika los-los ka dieu? Tuh, di ditu panonoban merak mah! Rék ngacowkeun bangsa gagak di dieu?”
     Témbal Si Candrika, “Kuring lain merak, kuring gagak. Kuring téh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?”
     Kokolot gagak nelek-nelek Si Candrika.
     “Sorana mah enya, sora Si Candrika. Matana, mata Si Candrika deuih,” kokolot gagak ngahuleng salila-lila Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak ngomong,
    “Lain, andika mah lain Si Candrika. Si Candrika mah bangsa gagak. Buluna hideung cara bulu kuring. Andika mah bangsa merak anu nyamur. Andika mah rék ngacowkeun di dieu téh, nya? Rék ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!” Najan Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan, kokolot gagak angger henteu percayaeun.
     Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek, “Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak téh!”
     “Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”
     “Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak. Kuring apal enya ka Si Candrika, manéhna mah moal ngahampas bangsana sorangan!”
      “Kuring Si Candrika!” ceuk Si Candrika bari ugal-ugil rék ngalaan baju merakna, tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.
     “Éta mah pangacow!”
     “Usir! Usir!”
     “Podaran wé sakalian!”
     Gagak-gagak réang bari rék ngarempug Si Candrika. Nénjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber. Tuluy hiber teu eureun-eureun. Wanci sareupna nepi ka sisi lembur. Clé waé di dinya.
     Si Candrika kacida nalangsana. Diusir ti ditu ti dieu. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku bangsana sorangan mah. Anu matak peurih mah teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan, bangsa gagak anu ngagedékeun manéhna. Bangsa anu miharep ka manéhna, sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak. Ka mana kudu lumampah? Ras inget ka bangsa manusa. Manusa mah teu resepeun téh ka bangsa gagak, ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana. Haténa kaubaran. Geus gilig dina haténa, manéhna rék nepungan bangsa manusa, itung-itung ngabuang manéh.
Isukna, wanci haneut moyan, Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan. Nepi ka pilemburan, clé dina hiji suhunan.
     “Aya merak! Aya merak!” ceuk hiji budak.
     Teu lila rob atuh jelema ka dinya, ningali Si Candrika. Kabéh ogé raresepeun kana merak mah. Teu cara ka bangsa gagak. Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta. Ucad-aced, buntutna dibébérkeun.
     “Euleuh, itu mani éndah kitu!”
     “Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!”
     “Nyaho kitu silaing berlian?”
     “Henteu!”
     Si Candrika beuki cetaan.
     Keur kitu torojol kokolot lembur, bari mawa bedil angin.
     “Halik barudak, ulah ngahalangan, urang témbak!”
     “Kadé ulah keuna kana buntutna, lebar!”
     “Moal atuh,” ceuk kokolot lembur bari nyengir.
     Dikécéng sakeudeung, ceplék bedil anginna dibekaskeun. Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika. Koléang Si Candrika ragrag, leng teu inget di bumi alam.
Barudak sarurak ramé pisan.
Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika jadi papaés di tepas imah kokolot lembur. Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung, dipaké bubuntut langlayangan!

0 komentar:

Poskan Komentar